Pages

BENGKEL  PERBAIKAN     PEMANCAR FM     MENERIMA PESANAN PEMANCAR FM  ANTENNA FM    ANTENNA RADIO 2M  BOSSTER 2M

KAPAMALIAN

Kapamalian dituliskeun téh lain pikeun jadi ageman, ngan supaya nyaho baé, yén kolot urang baheula mah dina hirup-kumbuhna téh henteu leupas tina rupa-rupa pamali. Di antarana:

- Ulah sok nyiduhan, matak jadi aul.
- Ulah dianduk ku baju, matak kurap.
- Ulah neunggeul ku sapu, matak sédéng.
- Ulah gunta-ganti tobas, matak loba dunungan.
- Ari keur dahar ulah sok pipindahan matak loba dunungan.
- Ulah ngaléngkahan baréra matak peluh.
- Ulah mandi mentas dahar, matak lésang kuras.
- Ulah ngadahar buah sésa kalong, matak rodék susu.
- Ulah nyician cacangkir pinuh teuing, matak dikulak deungeun.
- Ulah ditiung ku baju, matak apes.
- Ulah nanggeuhkeun gulungan samak, matak gering saimah-imah.
- Ulah ngangin di nu lénglang, matak dipajarkeun palung (gélo).
- Ulah ngising ngaréndéng, matak parebut anak.
- Ulah méré ketan ka budak, budakna matak cadél.
- Ulah naékan gedang, bisi ragrag matak gélo.
- Ulah ngaheureuyan bangkong, matak muriang.
- Ulah nulungan bancét ku oray, matak incok.
- Ulah nénjo nu meuncit munding, matak dangdan beureum beungeut.
- Ulah meuleum daun cau baseuh, matak bau kélék.
- Ulah dahar dina tengah-tengah dahar, matak hujaneun di jalan.
- Ulah dahar endog beureumna, matak bungeng.
- Ulah resep nguah, matak tiis rarangan (jomblo).
- Ulah nginum bari nangtung, matak tobat teu dihampura.
- Ulah nyeungseurikeun nu hitut, matak malarat.
- Ulah ngarumbaykeun buuk di cai, matak dipikabogoh jurig.
- Ulah nguah dina coét, matak meunangkeun randa.
- Ulah nguyup tina sinduk, matak goréng dangdan.
- Ulah nginum dina batok, matak coréng masamoan.
- Ulah nepakan tonggong, matak liar cacing.
- Ulah ngerik bulu bitis, matak jadi palancongan.
- Ulah meuleum suluh ti puhuna, matak malarat pakokolot.
- Ulah dahar seupan bari, matak limpeuran.
- Ulah ngaputan totopong, matak loba nu ngahina.
- Ulah nyieun buburonan, matak dipénta nyawa.
- Ulah nguliat mentas dahar, matak kandulan.
- Ulah ngerik kuku, matak dikaut maung.
- Ulah nangkarak di taneuh, matak diléngkahan jurig.
- Ulah sila dina taneuh, matak béak pangharepan.
- Ulah resep mencrong seuneu, matak jadi saksi padu.
- Ulah sok nutuan taneuh, matak torék.
- Ulah belikan, matak gondok.
- Ulah dahar kakalangkangan, matak begang.
- Ulah ngasah dina pijalaneun, matak geregeseun (pijaheut).
- Ulah nginum dina siwur, matak kawisaya deungeun.
- Ulah dahar tunggir hayam, matak dipangnunggirkeun.
- Ulah dahar cokor hayam, matak goréng aksara.
- Ulah sok dahar mamaras, matak loba kasusah.
- Ulah ngahurun balung, matak deukeut kabingung.
- Ulah nyoo seuneu, matak gedé raheut.
- Ulah ngadiukan songsong, matak hitut di hareupeun mitoha.
- Ulah ngadékan tihang, matak katidaresa.
- Ulah dahar nodong dulang, matak dilongok maung.
- Ulah nénjo nu ngising, matak totos sééng.
- Ulah mandi kurang lantis, matak dipacok oray.
- Ulah dahar jantung, matak jantungeun.
- Ulah dahar lopang, matak belet.
- Ulah didudukuy di imah, matak dipanah gelap.
- Ulah héhéotan di imah, matak teu boga uyah.
- Ulah lalanggiran, matak paéh indung.
- Uah diuk dina nyiru, matak unggah balé-watangan.
- Ulah dahar mamaras hayam, matak guranyih.
- Ulah dahar endog burung, matak burung kalakuan.
- Ulah nyebut ngaran kolot, matak hapa hui.
- Ulah nginum notor kendi, matak genténg beuheung budak.
- Ulah sok miceun buuk gagabah, matak keuna ku wisaya.
- Ulah diangir asar, matak paéh ngora-ngora.
- Ulah noong kana bilik, matak tungguruwisen.
- Ulah sok ngeunteungan budak, matak titeuleum.
- Ulah nyocolan paisan, matak ngupat kaperego.
- Ulah resep tatakolan, matak diturutan jurig.
- Ulah dahar bari sidéngdang, matak céda bitis.
- Ulah nyisiran bari leumpang, matak nyorang wiwirang.
- Nu reuneuh ulah sok saré ti beurang, matak kikilieun anak.
- Nu reuneuh ulah sok diuk dina batu matak leuleumeungeun anak.
- Ulah sok nyoo béas, matak dijual ku toa.
- Ulah ngalong dina panto, matak nangtot jodo.
- Ulah sok nyatu cau sisina, matak kasingsal.
- Ulah sok dahar uteuk, matak téréh huisan.
- Ulah ulin sareupna, matak dirawu kelong.
- Ulah niup damar, matak peteng ati.


<------------------------------------->

EUNTEUNG

Lamun urang hayang TERANG, Kana eusi diri URANG, Sing getol daekan NGINTIP, ka tindak batur nu LANTIP. Entong boro tingkah nu KOLOT, budak ge loba nu NYOLOK, geura bandungan laku LAMPAHNA, intip CARITANANA. Isarah dina DATANGNA, tara karasa ku nu DIBERENA, Sing CEPET URANG JANGGANA, sing JERO NGALENYEPANANA, Isarah nu ditembongkeun di batur tea HEULA, Kudu dianggap jadi eunteungna DIRI, Ng...agambarkeun sifat nu aya di urang pribadi, numatak sok ditembongkeun di batur HEULA. Kaharti meureun eunteung nu dimaksud tadi, ku nenjo tingkah, ucap jeung patekadan batur tea, Urang supaya jadi ngarti sarta jadi KARASA, yen eta kabeh kudu dijadikeun bahan keur NGULIK DIRI. Tingkah alus jeung goreng nu aya di batur eta, sifat tabiat kitu teh tangtu di urang oge AYA, kusabab kitu urang kudu daek ngulik TERUSNA, tanaga mana di urangnu nimbulkeun tabeat eta, Geuning lamun di urang rek tembong goreng TABEATNA, sok tuluy jol sieun jeung ERA KARASANA, ganjang nyieun alesan nu NYATA, geusan mupus tingkah GORENGNA, Cing isarah nu kaciri di Batur tea, Yakinkeun ku Rasaka diri PRIBADI, yen eta teh panunjuk di jalan ti nu Suci, bahan keur meresen diri pribadi. Batur mere isarahna, bongan urang LOBA POHONA, sok nyimpang ti galur nu Suci, goreng LALAMPAHANANA, kolot, budak, tutuwuhan, hewan, alam nepikeun pesenan, harti isarah keur pribadi, ngeunteungan kaayaan diri.
ULAH NGEUNTEUNG KANA BATOK
BATOK MAH RAJEUN TIJENGGOK
ULAH NGEUNTEUNG KANA KACA
KACA MAH RAJEUN ALIHAN
TETELAR DIRI PRIBADI.


<=================================>

KURING

Aya riski kuring HEULA, batur mah kajeun tong WAKA. Awas kana SALAH batur, ari kuring MAH tara DICATUR. Sagala kuring PANGPANGNA, batur mah saukur nu NGABANTUNNA. Lian ti kuring euweuh nu ALUS, sagala uji kuring nu LULUS. Ceuk rasa kuring nu BENER, da kuring sok MEMENER. Batur mah euweuh KANYAHO, dianggap kabeh BARODO. Ari DATANG kana mangsa, NYANGHAREPAN soal nu ENYA. ANU asal pangkuringna,... diteang perlu TEU aya. UNGGAl waktu saban mangsa, raga bentrok jeung JIWANA. PASEA euweuh EUREUNNA, napsu nganganggu jiwa RAGANA. Tah eta cangkang PRIBADI, hawa raga KASARAN diri. KURING mah Roh nu SUCI. Tetesan ti Gusti Hyang Widi.. DAYA pikir keur NGAJALANKEUN akalna. NGULIK ilmu neangan SAJATING Suci-na. Kuring NGINTIP, nungtik diri PRIBADI. Kakuatan Rasa Ikhlas nu baris MANGGIHKEUNANA.
KURING TEH ASAL TINA SAKEUCLAK CAI, NAJAN SUCI TEU AYA NU WANI NGALETAK, KALUAR TI LAWANG ANU HINA, TONG ADIGUNG KUMALUNGKUNG, SING RUMASA SAGALA GE KAGUNGAN NU AGUNG

0 komentar:

Posting Komentar